Rabu, 07 Oktober 2015

Cai mata nu matak peurah

Bral cu..mimiti gujrat lahir ka alam dunya cai mata asih kanyaah.ka deudeuh nu jadi indung nu ngakandung 9 bulan lila na tapi heunteu pundung..
Bapak ceuk paribasa tangkal darajat..nu ngajungjung linuhung agung darajat.sanajan gunung galunggung gunung nu ngahalangan bapak te weleh humarurung...
Budak te karasa gede di didik ti leuleutik.di asuh ti bubudak..maju kana kahirupan nu sanyata na.luncat minangka bajing.lumpat minangka kidang kancana.hiber minangka manuk..neangan kahuripan jeung kahirupan keur poe pageto.bekel nu pasti ti kolot ukur pangdunga kanu agung mugia budak jadi jalma nu mangfaat maslahat keur balarea..najan keur baheula ambek na bapak nu jiga kilatbpak jorelat.tapi ayena pak pikeun bekel anaking hirup.nyata na hirup peuring geuning.jiga leumpang dina ruhak kahirupan anu panas...
Sanajan jauh anaking bpk jeung ema teu weleh jajap pangdunga keur hideup.nanging jauh hawar hawar anak kadenge boga kanyeuri ka peurih.kolot ngilu peurih..loba nu nincak.nu ngahina ka anak kolot ceurrik sapeupeuting.komo nu jadi indung nu ngandung clak cimata...mugia nak sing jadi jalma nu mulya.keun anaking ayena peurih da nya buktina urg mh harta jeung tahta te boga..ngen elmu pangaweruh.tur di pondasian ku agama nu di waris ku kolot..sing jadi maneh anaking jalma nu mulya.doa ema jeung bapak moal pegat keur hidep..
Bejakeun kanagara ngke pageto yen anjeun saha.keun rahayat nu ngajawab..nu bener jeung salah ke katempo..nu bener bakal salamet.dunya jeung aherat na.agung linuhung pinuh ku hibarna pamor.
Nu salah skeun allah maha adil..ucap nyata jeung pang dua kolot heug gera katempo di poe pageto..nu sirik pidik jail ka ajeun ingkeun anggap pamecut.cambuk kahirupan.mugia allah nu males na..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar