Rumangkuk di bumi pawayangan
BUBUKA ANJINING RASA
Niat kuring aji-ning rasa.
Rasa goib titipan nu Maha Tunggal.
Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa,
Jalan nu rahayu mapag alam kabagjaan,
Eunteungeun diri pribadi.
Basa mah gambaran rasa. Budi mah gambaran ati.
Ngancik’na raga salira.
Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong, jeung
di bohongan.
Jaga diri ati-ati. Pinasti hirup taliti
Dumugi mapagna pati.
Hirup pasti, ku cageur na, ku bageur’na ku bener’na.
Sing taat ka pamarentah.
Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama.
Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet
hirup kumbuhna.
Amjalu papadang ati.
Awaking bujang ka sakti.
Bisa maca bisa ngaji.
Ngajina na tungtung ati.
Macana na tungtung rasa.
Nu hurung dina jajantung.
Nu herangna, di kalilipa.
Hurung tanding dammar hurung.
Siang tanding dammar herang.
Anu hurungna, kurungan.
ANu herang, eusi rasa.
Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal.
Remet ménténg dina angen.
Anu ngilo dina tikoro.
Nu ngintip dina lalangit.
Buka ini buka rohani.
Buka sintung, bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa.
Supaya kapanggih bukti.
Nu puguh diri sajati.
Kudu nyata ceuk tuduhna.
Bray cahaya, bray cahaya.
Cahaya anu kawasa.
Ka anu nyepeng dinten tujuh dawuh lima.
Pager duawelas.
Kasaderek anu opat, kalimia pancer salira.
Ka saderek anu medal,
Ka sederek nu teu medal.
Ti putra anu medal.
Ti putra anu teu medal.
Guru lahir, guru batin.
ti guru sidik. Ti guru permana.
Ti nu ngukur tangtung,
Ti nu kagungan rahayu.
Ti nu kagungan darajat.
Ti anu ngandung.
Ti anu ngayuga.
Ti luhur anu mayungan.
Ka handap anu nganparan.
Ti gigir anu ngajaring.
Ti tukang anu ngagiring.
Ti hareup anu nampian.
Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit.
Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung.
Nu calik Di pasir layung. Nu geulis putri rengganis.
Nu ngancik di pasir panggung. Nu kasep kang
Kamajaya
Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na
Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih.
Pa-gelaran alam kandung asih indung.
Pa- ngawit-an pangrungruman tuturunan.
Bukti Tunggul,
Nya muga, tunggul anu ngarahayu, ti sunan ambu.
Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama.
Turun pulung ka Galuh agung.
Galuh geusan di nyalindung.
Mangsa di bentaran gelap
Gunung gelap reureuh mijah,
Ku aji ning halimunan,
Di sieuman ku handeuleum.
Di caangan ku hanjuang.
Meleberna pulo sari, ning mangari.
Pangrungruman menak ti gunung haruman.
Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis,
Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.
Ka para Hyang nu suci.
Nu mancer cahyaning Gusti.
Nu Murba, anu wisesa.
Nu Agung anu maha’na.
Anu kersa anu karsa.
Nu ngersakeun nu ngarsakeun.
Tabé Pun ahung nya ahung.
Amit sun hampura ingsun.
Nya paralun, seja ulun
Kapara luluhung agung.
Nu ka agungan ku pangagung.
Mustika Puraga Jati Sunda
Nu ngadeg di uwung-uwung.
Nu ngadeg di awang- awang.
Anu sirna di mandala panta panta.
1. Di Mandala Méga Manggul
2. Di Mandala Méga Malang.
3. Di Mandala Méga Beureum.
4. Di Mandala Méga Si karembangan.
5. Di Mandala Méga Si kareumbingan.
6. Di Mandala Méga Si antrawela.
7. Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8. Di Mandala Bumi suci kerepek séah.
9. Di Mandala Bumi Beureum.
10. Di Mandala Bumi Hideung.
11. Di Mandala Bumi Héjo.
12. Di Mandala Bumi Konéng.
13. Di Mandala Bumi Hawuk.
14. Di Mandala Bumi Putih.
15. Di Mandala Bumi Céngcéréngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17. Di Mandala Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala Bumi Suci Alam padang.
Galura bakti ,ka luluhur
Ka -Papara karuhun urang sakabéh.
Urang mimitian ku surat anu biasa.
Nu ilahar di paraké jampé.
Tibaheula nu jadi tari paranti.
Pun sampun ka sang roh Pun.
Ka handap ka sang Batara.
Ka luhur ka sang Batari.
Batara raga salira, Batari batin nu sidik.
Anu ngancik dina ati sanubari séwang-séwang.
Anu tara ngabohong jeung di bohongan.
Ka Batara Sunan Rama.
Ka Batari Sunan Ambu.
Karadén caang gumelar, cahaya sakti.
Ka nyimas gumilang seblak.
Seja nyanggakeun pangbakti.
Sapulukaneun.
Tik bul ning menyan kaula
Cahaya beurum kanyataan na amarah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya putih loamah
Tik bul ning menyan kaula.
Cahayana sawi yah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya na mut ma inah.
Seja mundut ka emban, kanu geulis.
Ka iringkeun kunu kasép.
Nu geulis Sri Sayana.
Nu kasép Bujang Sarana.
Nya ieu ibu jeung rama.
Pang dugikeun ka anu maha Kawasa.
Kukuh kula-kukuh puji.
Kukus dangdayang mantra.
Dangdayang turus na wati.
Turusna karang Pohaci.
Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangéran Parat Nga-
Mohon tembuskan, kepada yang Maha Menembuskan
Sapulukaneun ka sadaya para luluhur.
Karuhun karuhun suci.
Anu ti kalér, sa kalér
Anu ti kidul, sa kidul
Anu ti kulon, sa kulon.
Anu ti wétan, sa wétan.
Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda caang. Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..
Kum teu badé di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana.
Anu masih kénéh gelar di alam hirup.
Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan.
Ulah gedag ka anginan.
Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di émbohan.
Nya di bawa, di tambahan.
Si nyimas nama ning sari.
Geura tah mayang larangan.
Geura hudang,geura tanghi.
Di hudangkeun kunu lenjang
Di tanghikeun kunu geulis.
Cag………Rampés.
BUBUKA CATUR
Tabé, pun.
Amit sejaning unjuk uninga, réhing dumasar kana
rasa syukur “Nuhun” ka Nu Ngersakeun, Anu Maha Agung,
jisim kuring seja ngadugikeun gerentesna kereteg, anu
mangrupi karyana rasa, kersaning anu ngawasakeun, hasil
tina teuteuleuman, guguaran, kokoréh, tur mulung pulung
ti anu ngalangkung dina jajantung, galuh agung, manawi
bahan katampi, kalayan aya guna katut mangpaatna
kanggo urang sadaya, malar geusan jadi panungtun tur
pangjejer dina nutur lumakuna léléngkahan hirup,
sasieureun sabeunyeureun, kasanggakeun.
Tawis rasa anu dumasar kana, rasa “nyaah ka
sasama, béla ka bangsa, bakti ka lemah cai, ngarawat tur
ngarumat budaya, sarta niat ngawangian ka sarining
lemahcai”, malar jadi sambung léngkah, sambung lémék,
sambung rasa, keur nyambungkeun uga, tangtuna ogé ti
anu kantos aya ti heubeulna, ti biharina, sugan ngancik di
kiwari geusan ngambah ka supagi. Buhun ngajadi bahan,
biheunna, sara ngajadi sari keur pangaji.
Amit, tabé pun, hampura ingsun, anu diguar saukur
gambar, anu dipedar saukur nalar, piolaheun dina polah,
pilakueun dina lampah, malar katimu rupaning mustika
hirup, anu ngancik dina rasa anu katitipan, naon rupa nu
jadi wujud tulisan, muga larap jadi tutur, jadi lisan,
pijalaneun tatapakan dina aweuhan jalan anu kacida
lamparna, nangtu dina kacindekan Galur.
Sugrining galeuh kadeudeuh, sugrining galih ka
asih, tansah mugia, marganing galuh pangasuh. Tandes,
jadi élmu katut pangaweruh. Geusan pituduh jalan anu
lempeng.
Amit, sanés badé ngalalangkungan, sanes badé
nyanyahoanan, sanés badé mayunan anu ti heula, sanés
badé ninggalkeun anu pandeuri. Ieu mah mung mugia
pareng:
Nu jauh urang deukeutkeun.
Geus deukeut urang layeutkeun.
Geus layeut urang paheutkeun.
Geus paheut urang pageuhkeun,
Geus pageuh urang wangikeun.
Nu kungsi dihandeuleumkeun.
Nu kungsi dihanjuangkeun.
Urang cokot geusan teuleum.
Urang téang geusan midang.
Nya midang, di banjar karang.
Lebak panitisan bentang.
Nya bentang ti para Hyang.
Nu murba di alam padang.
Sapasini, saparanti,
Sa jalan, sareureujeungan,
Sareundeuk, saigel, sabobo, sapihanéan,
Ka cai jadi saleuwi,
Ka darat jadi salogak,
Malar hirup runtut raut sauyunan,
Pataréma rasa.
Geusan nyukcruk uga ti para luluhur,
Mapay tapak ti para Sanghyang Pudak,
Mustika Puraga Jati Sunda
Nu dipuluk mustikana,
Salaku pancer sajati,
Nu dihin ajaring tangtu,
Nu misti élmuning pasti,
Geusan ngadadali diri.
Dadalina uga ludra,
Manuk leuweung ménak lawung,
Lawungna di palawangan.
Nya lawangna geusan luang,
luangna ti pada urang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar