Berang panas na te katulungan tapi ari nanggah di alengka dirja kalah medem...hujan henteu panas oge henteu..ie sugan nu di sebut ngelekeub teh???
Getih netes kana bumi anu suci ie sing jadi saksi tah..ceurik getih keur melaan kulawarga..keur mela bangsa tur nagara..nagara anu ceunah carita kolot baheula subur makmur..hejo ngemploh...sakur naon wae nu di tancebkeun pasti hirup....bener dunia teh ges kolot...
Kolot soteh umurna..tapi semangat namah masih ngora..masih keneh bringas.masih keneh kuat keur hudang tapi keur dina impian..ie incu na..ie anak na nu geus jarunun..ulah rek kalah silih kadek.silih sepak silih teunggeul..marebutkeun warisan nagara anu geus saenya na loba...
Naha tega.???? Dina jero nagara ie pasea??dina hiji imah di aradu..peupeus na persatuan...numatak hese ngarojong pangwangunan...cing sing areling...mana atuh pamuda..mana atuh kaum itelektual mudda...tong sarare..blar medal...heg nyaring...keupeulkeun leungeunn.tepokeun kabatur yen ie daerah teh bisa maju..yen ie nagara teh bisa diuk sajajar jeung nagara maju nu sejen na....tembongkeun..ciri khas budaya urang..gotong royong..ngarojong pangwangunan nagara..jeung bangsa...
Tangtungkeun....kuatkeun pondasi....hayu ahh kaula muda mudi di antos partisipasi na keur ngarojong pangwangunan...
Ulah rek nepikeun ka wawaris ka anak ka incu cai mata...da ceuk papatah karuhun ge...wariskeun mata cai..pikeun tanda kahirupan umat di alam dunya ie..gunung ulah di ruksak..karamat ulah di rumpak..pek sing bisa nvajaga...sinh bisa ngaji rasa..ngajo diri pikeun eunteung kahirupan..